
اللهُمَّ نَوِّرْ قُلُوْبَنَا بِنُوْرِ هِدَايَتِكَ كَمَا نَوَّرْتَ الأَرْضَ بِنُوْرِ شَمْسِكَ أَبَدًا أَبَدًا بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
اَللَّهُمَّ افْتَحْ لَنَا حِكْمَتَكَ وَانْشُرْ عَلَيْنَا رَحْمَتَكَ يَا ذَا الْجَلَالِ وَالْاِكْرَامِ
رَضِيْتُ بِاللهِ رَبًّا وَبِالإِسْلَامِ دِيْنًا وَبِمُحَمَّدٍ نَبِيًّا وَرَسُوْلًا, رَبِّ زِدْنِي عِلْمًا وَارْزُقْنِيْ فَهْمًا وَاجْعَلْنِيْ مِنَ الصَّالِحِيْنَ
Dupi nganiatan ngaos # Seueur na opat perkara
Hiji niat karena Allah # Ngalakonan parentahan
Kaduana niat miceun # Kabodoan awak abdi
Supaya janteun salamet # Salamet dunya akhirat
Katiluna upami tos terang # Niat bade dilakonan
Dilakonan ku sorangan # Sareng sadaya rerencangan
Kaopatna niat ngaos # Ngahirup-hirup agama
Agamana Kanjeung Nabi # Nabi utusan ilahi
Mugi gusti ngajembarkeun # Ngalegakeun hate abdi
Sing tiasa abdi nampi # Kana elmu anu suci
Sareng mugi digampilkeun # Sadaya urusan abdi
Tina perkara dunia na # Oge sareng akheratna
Sareng dipaparin cekas # Empres ences lisan abdi
Janteun pangajak pituduh # Kanggo sadaya makhlukna
Kalayan rohmat gustina # Ya Allah nu pang Mulia-Na
Hate abdi sadayana # Caangkeun sa lalamina
Ku cahya pituduh Gusti # Sangkan abdi jadi ngarti
Sapertos nyaangkeun bumi # Ku cahya panon poe Gusti
Sinareng mugi nambihan # Elmu nu matak nyaangan
Sareng mugi ngarizkian # Ngartos kana ka alusan
Amin Ya Rabbal alamin 3x Allah Mujibassailin
اللَّهُمَّ ارْزُقْنَا فَهْمَ النَّبِيِّيْنَ وَحِفْظَ اْلمَرْسَلِيْنَ وَإِلْهَامَ الْمَلَائِكَةِ الْمُقَرَّبِيْنَ، بِرَحْمَتِكَ يَاأَرْحَمَ الرَّاحِمِيْنَ
| Luas Area | 1200 m2 |
| Luas Bangunan | 1200 m2 |
| Status Lokasi | Milik |
| Tahun Berdiri | 2023 |